Lirik Lamunan - Yayan Jatnika

Daun Kalapa nu oyag ka tebak angin
Siga gupayna kawas gupayna
Nu lawas ilang
Kasawang deui nembongan deui
Asih munggaran nu teu kahontal
Dina lamunan

*
Mun seug manehna
Kiwari aya gigireun
meureunan hate moal tagiwur
Dirungrung gandrung
Atuh kamana? naha dimana?
Ukur ngolebat dina lamunan
Dina lamunan

reff:
Unggal tempat tos dipapay
Manehna taya laratan
Unggal beja nu katampa
Dijugjug wale teu aya

Kembang-kembang ka tresna
Nu kungsi nyambuang
Ukur tinggal waasna
Nyeungitan lamunan

Back to *
Back to reff

Comments

  1. pusinya bagus, tapi saya kurang mengerti sunda lemes, wah saya harus banyak belajar bahasa sunda nih

    ReplyDelete
  2. sae pisan tah postingan teh ..diantos kawih anu sejenna..nuhun

    ReplyDelete
  3. aduh meni enak ieu lagu...

    ReplyDelete
  4. Leres pisan eta saur Kang Trisno Lagunya Nyeredet Kanu hate...

    ReplyDelete
  5. Nguping lagu na bri ngopi edun pisan...

    ReplyDelete
  6. Aku suka lagu nya dan aku nyanyikan

    ReplyDelete
  7. Duka nya hate teh mani asa rus ras waraas upami ngadangu kawih lamunan ieu terutami emut kanu parantos ngarantunkeun alam dunya ieu, Sepuh, wargi-wargi..sareng jalmi2 anu kantos caket....

    ReplyDelete
  8. Lagu na ngeuna an naon eta kang?

    ReplyDelete

Post a Comment

Komentar