Lirik Papatong - Bah Dadeng

Lirik Papatong - Bah Dadeng


Beurang maju ka lohor
Papatong nu koneng euntreup na regang
Ngageter jangjangna keur ngagupayan
Pancen keur wasiatan

*
Sore mengok ka Ashar
Papatong nu koneng hiber teu luhur
ngalayang ngawahan arek pamitan
poma tong ka jongjonan

Reff:
Papatong nu koneng teu tembong deui
Leungit indit teu pamit
Papatong nu koneng teu tembong deui
Tilem bewara baturna

Prak reureuh tina ka riweuh
Prak pasrah kanu Kawasa
Prak reureuh tina ka riweuh
Prak pasrah kanu Kawasa

back to *


Arti dari lagu sunda tsb. :

Beurang maju ka lohor
Siang menuju Dzuhur

Papatong nu koneng euntreup na regang
Capung yang kuning hinggap pada ranting

Ngageter jangjangna keur ngagupayan
Bergetar sayapnya sedang melambai-lambai

Pancen keur wasiatan
Sedang saling berwasiat (saling berpesan)


Sore mengok ka Ashar
Sore condong ke Ashar

Papatong nu koneng hiber teu luhur
Capung yang kuning terbang tidak tinggi

ngalayang ngawahan arek pamitan
Melayang berancang-ancang hendak berpamitan

poma tong ka jongjonan
Ingat jangan keenakan

Papatong nu koneng teu tembong deui
Capung yang kuning tidak nampak lagi

Leungit indit teu pamit
Hilang pergi tidak pamit

Papatong nu koneng teu tembong deui
Capung yang kuning tidak nampak lagi

Tilem bewara baturna
Tenggelam berita lainnya


Prak reureuh tina ka riweuh
Hendaklah istirahat dari kesibukan

Prak pasrah kanu Kawasa
Hendaklah pasrah kepada yang Kuasa

Prak reureuh tina ka riweuh
Hendaklah istirahat dari kesibukan

Prak pasrah kanu Kawasa
Hendaklah pasrah kepada yang Kuasa



catatan : 

regang : ranting yang jatuh dari pohon, atau potongan/bilahan dari kayu atau bambu
mengok : salah satu penamaan waktu dalam bahasa Sunda, yang kira-kira menunjukkan pukul 15.00
 
hapunten bilih lepat nerjemahkeun, ma'lum nuju diajar ... (Maaf bila salah menerjemahkan, mohon maklum karena sedang belajar... hehehe)

Comments

  1. eta aya nu kirang kang..
    ngalayang pamitan kedahna mah
    ngalayang erek pamitan

    ReplyDelete
  2. Aduh ... hatur nuhun pisan kana koreksina.
    Ayeuna mah tos dilereskeun.
    -Admin-

    ReplyDelete
  3. hapunten ah mang, ngiring nyiukan tidieu mung aya nu diloris,
    hatur nuhun mang.

    ReplyDelete
  4. siiiiiiiiiiiip... sae pisan..!!! :D

    ReplyDelete
  5. kang punten eta leupat,
    prak reu2h tina kariweuh.
    Anu pertama kdah na
    prak reu2h tina kareup.
    Htr nuhun.

    ReplyDelete
  6. pntn ketang kang. . .sim abdi anu leupat. . .hapunteun kang. .htr nuhun. .
    0! Kang teurang judul lagu asep darso
    anu lirikna cinta urang masih ti boa kaboa. .dupi eta teurang judulna teu kang?htr nuhun.

    ReplyDelete
  7. punten pisan ah.... ngiring kaul.
    asana da sanes 'entreup', pami teu lepat mah eta teh 'eunteup' anu saur bhsa nasional na mah 'hinggap'.
    hatur nuhun

    ReplyDelete
  8. ngiring komen ah kang,
    sae pisan ieu lagu teh...
    jero pisan hartosna, nyarioskeun kahirupan urang salaku manusa, ti beurang maju ka lohor nu hartosna "langkung dewasa", atuh deui sore mengok ka ashar hartosna "langkung sepuh"....dugi ka maotna....tuh gening pan pami nu maot mah reureuh tina kariweuh...ngan ukur pasrah kanu kawasa....punten pisan ieu mah numutkeun pendapat simkuring pribadi weh. hapunten bilih lepat mah....

    ReplyDelete
  9. eh .. kang Agil .. hatur nuhun tos ngiring ngariung dina ieu rohangan ... mugia teu bosen weh ... hehe

    ReplyDelete
  10. punten kang bade kumawantun ngiring nambihan lirik ..., masih tembang kagungan BAH DADENG anu judulna CIMATA CINTA...

    BAH DADENG - CIMATA CINTA

    *
    Mega hideung nu aleum semu nu nguyung
    Langit angkeub, hideung taya bengras deui
    Duh...gusti...kanyeri teu euih-euih...
    Cipanon kacinta maseuhan teu kendat raat

    **
    Pasusubuh ngaririncik hujan leutik
    Lir marengan ceurik ati nu keur gering
    Duh...gusti...kanyeri teu euih-euih...
    Cipanon kacinta maseuhan teu kendat raat

    Reff :

    Na..iraha langit caang
    Na..iraha anjeun datang..
    Na..iraha langit caang
    Na..iraha bagja datang..

    Rasa kaasih.. Teu euih euih...
    Rasa kasono.. Taya pohona
    Rasa kamelang teu ilang-ilang
    Rasa kacinta ngamuara jero dada

    uih deui ka * & reff


    Haturnuhun mugia katampi...

    ReplyDelete
  11. sae pisan tembangna,...
    asa kasuat-suat

    ReplyDelete
  12. ea asa jauh panindeungan eta lagu teah.....mantap ☺☺☺

    ReplyDelete
  13. aawkakwk...
    walopun gw orang sunda (keturunan seh)
    tapi gw gak ngerti bahasa sunda yang alus kyk gini gan. :matabelo:

    Mantep Deh lagu sunda :beer:

    ReplyDelete
  14. Assalamu'alaikum,,,, punten ieu mah mung bade tumaros judl lagu anu salahsawios lirikna "hirup lir ibarat wayang, usik malikna ku dalang" teras kawihna ti saha? Haturnuhun sateuacana

    ReplyDelete
  15. Sanes tembang eta mah Kang Toni, tapi kawih

    ReplyDelete
  16. alhamdulillah masih aya gening nu resep sareng bangga ku budaya na nyalira, bingah..bingah..amar wata suta bingah taya ka giri-giri....

    ReplyDelete
  17. merinding baca artinya...
    keren bgt tuh lagu ...

    ReplyDelete
  18. mntap pisan ieu kawih kang,...resep pisan abdi mh.

    ReplyDelete
  19. Lagu Papatong Tafakuraneun pikeun urang sadayana, jero ma'nana mundel eusina. dina mangsa ngalakonan hirup ulah kajongjonan teuing, sabab urang bakal balik kanu Maha Kawasa eureun tina sagala karipuh kadunyaan..... Wallahu A'lam

    ReplyDelete
  20. Lagu Papatong Tafakuraneun pikeun urang sadayana, jero ma'nana mundel eusina. dina mangsa ngalakonan hirup ulah kajongjonan teuing, sabab urang bakal balik kanu Maha Kawasa eureun tina sagala karipuh kadunyaan..... Wallahu A'lam

    ReplyDelete
  21. Gaduh lagu sunda nu lirikna "saha nu teu nyeuri hate rasa cinta disapirakeun" teu a ?

    ReplyDelete
  22. salam.. ieu sareng qyla ti majalengka.. Eta eusi tina lagu papatong th kmh? Punten kang penjelasan na,hehe. . pami tiasa lagu2 na wina kang.

    ReplyDelete
  23. meuni muriding artina teh naon kang

    ReplyDelete
  24. Wiiiihh.. mantep.. ane suka lagu2 yang sundanya dalem banget bari teu ngarti gee.. wioss...haha Nice post gan.. :D

    ReplyDelete
  25. "hirup lir ibarat wayang, usik malikna ku dalang" teh judul lagu "Tong Diceungceurikan". Pangawih aya versi Cep Oon, Darso, atanapi Rita Tila.

    ReplyDelete
  26. Abdi asal ti Jawa Timur (asli) tapi resep lagu-lagu Sunda diantawisna lagu papatong ieu.
    Hate ngageter nguping lagu ieu.
    Ngemutkeun ka urang sadayana yen urang ulah kajongjonan geura-geura papasrah kanu kawasa.
    Saaluut.

    ReplyDelete
  27. Dalem pisan pilsapat na ... bahsanyanya sangat halus dan sederhana ...
    Coba mangga sadulur di simak bait per bait dari tembangnya ... yang mengisahkeun tentang tugas dan perjalanan hidup manusia di alam dunia ini ... ibarat seekor Capung yang selalu berkelana menuju jalan kembali kepada sang Pemilik ...

    ReplyDelete
  28. haturnuhun pisan kang... pertahankeun blog na kang...langki nu kieu mah...maju terus..semangat !!!

    ReplyDelete
  29. hade pisan yeuh..uing pisan..hatur nuhun dulur :)

    ReplyDelete
  30. subhanallah,,,asa emut kapungkur nuju SMA sok nembang sunda dina acara hajatan kang,,, he

    ReplyDelete
  31. Artina tina tembang eta teh naon... maksudna mah pengertianna.

    ReplyDelete
  32. Sae kang... Nyungkeun link lagu2 sunda samodel kieu atuh akang teteh nu gaduh.. kintun ka email simkuring deden.rokhman@gmail.com

    ReplyDelete
  33. Nyeredet pisan lagu papatong...

    ReplyDelete

Post a Comment

Komentar